KIM Rancakalong

Wawacan Pasirburu Dinu Bentuk Pupuh

Admin KIM Rancakalong
Iklan
Wawacan Pasirburu Dinu Bentuk Pupuh

WAWACAN PASIRBIRU
Kang Emom Telik

Pupuh I — Dangdanggula
carita dimangsa jaman bihari,
nu ngajumpluk éndah malih warna,
bawahan hiji wewengkon,
tatangkalan tumuwuh
ngahiji jeung alamna pasir,
bekel keur kahirupan,
hurip dina hirup,
direka carita rayat,
warisan tibihari pikeun kiwari  ,
jadi tetekon ayeuna.
Henteu ngan ukur nami sahiji,
diwariskeun ku kolot baheula,
carita boga lalakon,
dina pasir jeung batu
ditalungtik kunu kiwari,
jadi ngaran ayeuna,
dina batu juuh,
dina cai nu teu saat,
jadi tanda keur datang mangsa kiwari
Keur pangeling ka urang.
Aya hiji pasir jadi ciri,
ngajajar nunjang ka beulah wétan,
lamun ti handap ditempo,
béda rupana ti batur,
dina reumbeut alam ku kai,
siga biru katingal,
kuéndah ti kajauh,
jadi ciri hiji tempat,
nu tuluy jadi pangeling catur diri,
Pasirbiru ngarana.
Pupuh II — Kinanti
Di kulon aya batu,
dingaranan tibihari,
jadi wates hiji desa,
patokan keur nu kiwari,
nyambung wates tatangga,
jadi tapak anu pasti.
Jadi tanda Batukarut,
pikeun jalan nu kaharti,
dilembur mana nu aya,
tanah wates nu sahiji,
cirina jadi patokan,
dina alam nu nastiti.
Di lebah lebak nu tangtu,
nu ngajajar aya pasir,
katutupan  tatangkalan,
reumbeut areuy reujeung kai,
lamun ditempo ti handap,
rupana biru kaharti.
Ti belah wetan kajugjug,
nu handapna mah Cimanglid
Ciledug jeung cibulakan
tinangtu bakal kaciri,
dikulon tikajauhan,
pasiran biru rupana.
Pupuh III — Sinom
Di tempat manuk nu nyayang,
manuk Kaak anu pasti,
nyayang dina tatangkalan,
dijaga hirupna hurip,
sora na kadéngé tarik ,
“kaak... kaak...” silih sambung,
lebah pasir sayang kaak,
ngaléngkah ka kulon saeutik,
sora manuk jadi ciri,
hiji lembur nu katelahna cikakak.
sora matuh manuk Kaak,
jadi pangbébéda kanagri,
masarakat tuluy nyebat,
Cikakak anu pasti,
Kaak kadéngé seuri,
ti sayangna anu nyumput,
batu pasir antarana,
nyora tara nepi leungit,
jadi carita bihari,
nepi ka mangsa kiwari nu nyata.
Pupuh IV — Asmarandana
Handap Sayang Kaak ngancik,
turun ka belah wetan,
aya batu jadi pagon,
Batu Kasur katelahna,
wangunna anu katara,
siga guling reujeung kasur,
katingal aya angelan.
Baheula batu téh geuning,
wangunna kacida éndah,
kawas parabot keur sare,
kasur jeung angelna aya,
gugulingna katingalan,
jadi pangeling karuhun,
kana carita baheula.
Aya deui hiji ciri,
dieusi cai legokna,
sanajan datang halodo,
caina teu gampang saat,
tetep nyangkrung ayana,
jadi tanda alam tangtu,
nu matak jadi carita.
Tapi jaman anu ngatik,
jalan kudu dibaladah,
batu  ruksak heunteu nyaho,
ku bubutuh kahirupan,
sabagian jadi musna,
jadi bahan keur ngawangun,
leungiteun kana carita.
Sanajan aya nu kari,
jadi tapak nu nyaksian,
yén di éta tempat nusare,
aya gugusan batu éndah,
aya carita kualam,
cirina cai na batu,
aya Batu Kasur téa.
Pupuh V — Pangkur
Ti dinya urang ngabayang,
ka jaman nu geus kaliwat bihari,
pasiran ngajajar jeung batu,
nunjang ka belah wetan,
katempo biru ti handap,
ku reumbeutna tatangkalan nu saestu,
jadi ciri nu kacida,
gampang diinget ku jalmi.
Pasir anu biru katingalna,
lain biru ku cet atawa warni,
lain biru tina batu,
katempo ku tetenjoan,
ku reumbeutna tutuwuhan nu ngalalnglaung,
lamun katempo ti handap,
ti lembur-lembur anu kacangking,.
Ti mangsa harita pisan,
Pasirbiru katelah dina pikir,
pasir nu rupana biru,
panenjo ku rahayat,
jadi ngaran nu diwaris ku karuhun,
ti kolot ka turunanana,
ngaran desa nu ayeuna,

Pupuh VII — Mijil
Pasirbiru, ngaran nusajati,
warisan bareto,
lahir tina panempoan hate,
kana alam buder nukacangking,
semu biru pasir,
reumbeut kutumuwuh.
Batukarut batas anu pasti,
nu aya ti kulon,
Cikakak aya nu tara rehe,
sora Kaak jadi tanda pasti,
Batu Kasur ciri,
nyimpen alam luhung.
Pasirbiru nu aya kiwari,
di Rancakalong anu moncorong,
Sumedang kota kamelang hate,
ngajaga tapak karuhun ati,
budaya jeung harti,
malar nagri maju.
Pupuh VIII — Dangdanggula
Ku kituna urang sadaya ngarti,
urang jaga ieu caritana,
ulah nepikeun ka poho,
nu ngaran Pasirbiru,
tapi kudu apal jeung ngarti,
kana asal-usulna,
kana alam nu nyusun,
kana tapak karuhunna,
sabab ngaran hiji lembur pasti jeung harti,
nyimpen jiwa masarakat.
Mugia tetep langgeng pangwaris,
carita natrat nu tibaheula,
alam diraksa kapeto,
budaya hurip luhung,
barudak incuna kacangking,
teu pareum ku jamana,
apal kana lembur,
sangkan reueus kana asal,
jeung tetep nyekel pageuh budaya ati,
Pasirbiru ngarana.P

Iklan

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...