“Wartawan Misterius di Puskesmas: Ti Organisasi Nepi ka AGOGO, Bu Ida Nepi ka Gagaro Sirah!”
Aya kajadian nu matak seuri campur bingung di Puskesmas Rancakalong. Isuk-isuk nalika hujan ngaririncik ngabaseuhan palataran, Bu Ida, kapala puskesmas nu kawentar tenang tur rapih dina ngatur pelayanan, keur anteng ngararapih berkas jeung jadwal program kaséhatan.
Teu lila, datang saurang lalaki make gaya siga wartawan profesional. Leungeunna nyekel buku catetan, pulpen nyelip dina ceuli, jeung beungeutna pinuh ku rasa panasaran.
“Punten Bu, abdi ti salah sahiji organisasi,” ceuk manehna bari nyengir percaya diri.
Bu Ida nu biasana sok ramah, langsung ngajak diuk. “Oh mangga, bade naroskeun naon?”
Ti dinya, patalékan mimiti kaluar siga pelor: “Program ieu kumaha Bu?” “Dana anu éta kumaha?” “Nu kamari saha nu hadir?” “Anu ayeuna naha can jalan?”
Bu Ida mimiti melong lalangit, haténa ngomong, “Ieu nu nanya siga rek ujian skripsi ka kuring.”gerentesna
Sakedapan, Bu Ida ngarasa aya nu anéh. Gap kanu telepon terus manehna nanya ka kenalanana, si Udung, nu sok apal kana rupa-rupa organisasi, jawabanana malah ngajadikeun suasana tambah lucu.
“Lah, saha? Manehna? Henteu atuh, lain anggota organisasi éta mah,” ceuk Udung bari ngahuleng. Kadenge dinu obrolan telepon
Bu Ida langsung ngagerendeng dina jero hate: “naha, tadi ngaku ti organisasi… ayeuna ceuk Udung lain?”
Sirah Bu Ida mimiti rada haneut. Pikirna sempet ngalayang: “Naon ieu kudu dikoordinasikeun ka Ma Inut, salah sahiji koordinator Dankopet tingkat Jawa Barat?”
Tapi can sempet nelepon, kapikir deui: “Ah, teu kudu dibawa teuing serius, engké malah jadi rapat dadakan.”
Sanggeus diusut leuwih jero, bari dibarengan ku rasa panasaran nu nepi kana emun emunan, ahirna kabuka fakta nu sabenerna.
Ternyata éta jalma téh lain wartawan biasa, lain deui anggota organisasi nu tadi disebut-sebut.
Manehna téh bagian ti hiji aliansi legendaris nu ngaranna matak seuri: AGOGO — Aliansi Gobang Gocir.
Ngadéngé éta ngaran, Bu Ida nepi ka seuri sorangan. “Pantes we ti tadi pertanyaanana muter siga gangsing, ternyata anggota AGOGO!”
Ceuk warga nu ngadéngé carita ieu, AGOGO téh lain aliansi resmi, tapi leuwih ka kumpulan jalma nu hobi “ngagobang-ngagocir”, datang nanya sagala rupa, terus ninggalkeun tapak anu matak bimgung.🤣
Ti harita, Bu Ida jadi leuwih waspada lamun aya tamu dadakan nu datang bari ngaku-ngaku.😂😂
Carita ieu jadi bahan guyonan di lingkungan puskesmas. Saban aya tamu anyar datang, sok aya nu nyeletuk, “Ati-ati Bu, bilih ti anggota AGOGO deui!”🤣🤣🤣 cag ah