Sumanget Gotong Royong Warga Tanjungwangi, Jalan Penghubung Antar Desa Ku Cara Swadaya
semangat gotong royong masih kénéh hirup tur ngakar kuat di tengah masyarakat. Warga Dusun Sindang, Desa Tanjungwangi, Kecamatan Rancakalong, kalayan sumanget tur rasa kabersamaan, ngalaksanakeun bakti sosial pikeun memperbaiki jalan desa anu ngahubungkeun Desa Pangadegan jeung Desa Tanjungwangi.
Perbaikan jalan ieu dilaksanakeun sacara swadaya ku masyarakat Dusun Sindang. Dana, tanaga, jeung waktos dihimpun tina partisipasi warga anu sadar kana pentingna infrastruktur jalan pikeun ngadukung kagiatan sapopoé, boh pikeun transportasi warga, distribusi hasil tatanén, boh pikeun ngaronjatkeun aksés antar desa.
Masyarakat katempo kacida sumangetna. Ti mimiti nonoman, bapak-bapak, nepi ka para sesepuh, saréréa turun langsung ka lapangan pikeun babarengan ngalereskeun jalan anu salila ieu jadi urat nadi mobilitas warga.
Salah saurang tokoh masyarakat nyebutkeun yén gotong royong ieu mangrupa bukti yén rasa silih bantu jeung kabersamaan masih kuat di tengah masyarakat. “Sanajan dibiayaan ku swadaya, warga tetep sumanget demi kapentingan bersama,” pokna.
Kalayan perbaikan ieu, dipiharep jalan penghubung antara Pangadegan jeung Tanjungwangi jadi leuwih hadé, aman, sarta nyaman dilalui ku masyarakat. Kagiatan ieu ogé janten conto nyata yén ku persatuan jeung kekompakan, sagala pagawéan bisa diréngsékeun kalayan hasil anu mangpaat pikeun saréréa.
(Ganda Muhtar)