SILTAP Nu Istiqomah Teu Pindah-Pindah
Guyonan Sekdes jeung kru na nu Nyeletuk bari kerung
Di hiji kasempetan nu pinuh ku seuri, Sekdes Cibunar ngalungkeun guyonan nu langsung ngajadikeun suasana haneut bari rada nyentil. Ceuk manehna, nu disebut SILTAP (Penghasilan Tetap) téh mémang geus saluyu jeung ngaranna: istiqomah. Istiqomah dina harti… tetep, henteu pindah-pindah, teu kungsi naék-naék ti baheula nepi ka ayeuna.
“Lamun ningali ka kaayaan ayeuna,” ceuk sekdes bari seuri tapi bari ngahuleng, “SILTAP mah geus saperti jam témbok di kantor desa. Gerakna aya, tapi angkana kitu-kitu wae.” Ceuk manehna deui, éta téh lain keluhan, tapi guyonan anu aya rasa nyatana.
Malahan, ceuk manehna deui bari nambahan bumbu heureuyna, “Mun hayang SILTAP naék, sigana kudu nuturkeun Mang Lahem. Naékna lain ka jenjang karir, tapi naék kanu tangkal kawung heula.” Nu ngadéngékeun langsung seuri, sabab kabeh apal, Mang Lahem téh tukang gula aren nu unggal poé kudu tarung jeung jangkungna kawung demi saeutik rejeki.🤣🤣🤣
Guyonan éta jadi gambaran basajan tapi ngena: Sekdes jeung aparat desa tetep gawé kalayan niat jeung tanggung jawab, sanajan panghasilan teu loba robah. Istiqomah lain saukur dina ibadah, tapi ogé dina narima kaayaan bari teu leungit sumanget.
Di tungtung omongananana, Sekdes Cibunar ngingetkeun kalayan nada santai, “Urang mah terus wae ngalakukeun nu pangalusna keur warga. Soal SILTAP, bisi can naék ayeuna, mugia engké aya jalanna. Lamun can aya, sahanteuna urang masih bisa seuri jeung silih guyon.”
Jeung kitu, carita ngeunaan SILTAP jadi teu saukur angka dina kertas, tapi jadi bahan seuri nu nguatkeun silaturahmi, bari tetep nyelapkeun harepan yén hiji mangsa, SILTAP téh moal ukur istiqomah dina tetep, tapi ogé istiqomah dina naékna. 😄 (Ganda Muhtar)