“Setir Bengkel Ka Setir Pamaréntahan: Impian Mang Meno”

Admin KIM Rancakalong
“Setir Bengkel Ka Setir Pamaréntahan: Impian Mang Meno”

Di hiji lembur cijere, aya hiji tokoh anu teu asing deui keur warga: Mang Meno, juragan bengkel anu leungeunna sok bau oli, tapi haténa mah seungit ku niat hade 😄

Sapopoéna, Mang Meno mah gawéna basajan: ngabenerkeun motor jeung mobil nu geus “raruksak asa teu boga harepan”. Nu tadina knalpotna ngagerung siga singa lapar, ku manehna bisa jadi lemes deui siga ucing keur sare. Nu tadina remna teu pakem, ku manehna dibenerkeun nepi ka bisa eureun saméméh  nu nagih hutang datang 🤭

Nya tidinya, Mang Meno sok mikir dina jero haténa: “Lamun kendaraan anu geus parah kieu wae bisa dibenerkeun, naha lembur teu bisa dibenerkeun ogé?”

Ceuk manehna, logikana mah basajan pisan. Di bengkel, nu goréng dibenerkeun jadi alus. Di pamaréntahan ogé kudu kitu: nu can rapih dirapihkeun, nu can jalan dijalankeun.

Mang Meno sok ngibaratkeun deui: “Nyetir mobil téh kudu bener nu nyekel setirna. Lamun nu nyetirna teu apal jalan, nya mobil alus gé bisa nyasar. Sarua jeung pamaréntahan, nu penting mah saha nu nyekel ‘setir’-na.”

Sok sanajan kitu, Mang Meno mah teu kungsi ngarasa pangpinterna. Manehna sok ngomong bari ngusap leungeun ku lap bengkel: “Urang mah lain jalma pinter pisan. Nu pinter mah loba, leuwih loba ti bintang di langit. Tapi nu daék ngadéngékeun jeung ngarasa kumaha hirupna jalma leutik… nya teu loba, bisa diitung ku ramo.”

Eta kecapna sok matak ngahuleng, tapi teu lila sok diselipkeun deui ku banyolan: “Di bengkel mah, nu penting mesin hurung. Di lembur ogé kudu kitu, nu penting rahayat bisa ‘hurung’ hirupna, lain ukur janji nu hurung pas kampanye wungkul!” 😂

Warga ogé loba nu seuri bari unggeuk-ungut. Soalna Mang Meno mah lain ukur bisa ngomong, tapi geus biasa “ngoprek” nu rusak jadi jalan deui.

Ku kesederhanaanna, Mang Meno hayang jadi calon kepala desa lain pikeun gaya-gayaan, lain pikeun jadi “bos gede”, tapi saukur hayang ngabenerkeun nu can bener, ngarahkeun nu can puguh, jeung ngajaga sangkan lembur tetep jalan lempeng, teu oleng siga setir mobil anu logor.

Ceuk Mang Meno panutupna: “Urang mah teu janji bakal sampurna, tapi insyaAllah bakal usaha siga di bengkel: sabisa-bisa dibenerkeun, sabisa-bisa dipake ku rahayat.”

Ahirna, warga mah ngan bisa seuri bari ngomong: “Mun bener lembur bisa dibenerkeun siga motor di bengkel Mang Meno… jigana mah teu aya deui nu ‘mogok’ hirupna.” 😄

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...