Sakola Zaman Ayeuna: Guru Antara “Ngadidik” jeung “Sieun Dipolisikeun”

Admin KIM Rancakalong
Sakola Zaman Ayeuna: Guru Antara “Ngadidik” jeung “Sieun Dipolisikeun”

Lenyepaneun keur sarera....

Di sakola jaman kiwari, suasanana geus teu saukur pinuh ku sora bel jeung bau kapur tulis. Ayeuna mah ditambah ku sora notifikasi WhatsApp kolot murid, kaméra HP nu sok siap rek ngarékam, jeung rasa waswas para guru nu kawas keur leumpang dina tali rapia. Salah léngkah saeutik, bisa jadi viral, bisa jadi laporan 😅.

Sakabeh guru sabenerna boga cita-cita mulya: hayang ngahasilkeun murid nu sopan, pinter, disiplin, jeung boga ahlak hadé. Cara baheula, mun murid rada bandel, biasana ditegor rada tarik ku sora, disintreuk saeutik ceulina (teu nepi ka coplok, tangtu weeee🤣 😆). Tapi ayeuna mah beda carita. Sakali guru katingali rada tegas, kolot murid langsung datang, “Pak, naha anak abdi ditegor kitu?” Mun teu beres, bisa waé terus ka jalur hukum. Guru ogé jadi mikir dua kali, malah tilu kali.

Kaayaan ieu ngajadikeun pendidikan rada dilematis. Di hiji sisi guru hayang ngadidik ku tegas supaya murid jadi jalma nu hadé. Di sisi séjén, aya aturan nu ngajadikeun guru kudu ekstra lemes, nepi ka kadang mah murid nu leuwih wani tibatan guruna. Aya nu nyarita bari ngadahar ciki di kelas, aya nu ulin HP bari guru ngajelaskeun, guru ngan bisa batuk-batuk bari gugutrut alatan amek nyedek tanaga midek 🤧.

Nepika hiji mangsa, kajadian anu matak ngahuleng bari seuri mesem. Aya dua murid keur ribut nepi ka ampir gelut di tengah sakola. Guru-guru nu ningali henteu buru-buru misahkeun. Lain teu paduli, tapi sieun salah léngkah. Tungtungna, aya guru nu milih jurus pangaman: ngaluarkeun HP, ngarékam video bari nyarios, “Nahhh bapa-bapa, ibu-ibu… ieu tuang putra nuju nyieun kaributan di sakola. Mangga, wilujeng naringali tayanganna!” 😂

Video éta lain pikeun viral-viralan, tapi leuwih ka sindiran lemes yén ayeuna mah sakola siga panggung sinetron dadakan. Murid jadi aktor, guru jadi kameramen, kolot jadi komentator di grup WA.

Sanajan dibungkus ku guyonan, ieu carita nyimpen pesen penting: dunia pendidikan peryogi kasaimbangan antara aturan jeung kapercayaan ka guru. Guru teu kudu kasar, tapi ogé teu pantes jadi sieun teuing nepi ka teu bisa ngadidik kalayan tegas. Mun teu kitu, sakola bisa waé robah jadi studio kontén, lain deui tempat nyetak generasi nu hade.

Pamungkasna, mugia ka hareupna guru bisa ngadidik kalayan aman, murid bisa diajar kalayan tertib, kolot bisa percaya, sarta HP ukur dipaké pikeun diajar — lain pikeun syuting drama sakola 😄📱🎓 wasalam Ganda Muhtar

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...