Pizza Alaambu, Saksi Carita wanci sariak layung

Admin KIM Rancakalong
Pizza Alaambu, Saksi Carita wanci sariak layung

Sanggeus sababarahawaktu lila hirup babarengan, ngaliwatan rupa-rupa carita: seuri, cimata, jeung perjuangan nu teu salawasna gampang, tatali rumah tangga jadi beuki karasa jero maknana. Urang teu ukur saukur hirup bareng, tapi ngahiji, silih kuatkeun dina unggal léngkah kahirupan.

Ti mimiti poé-poé leutik nu pinuh ku cita-cita, nepi ka ayeuna nalika Pizza Alaambu jadi bagean tina lalampahan éta. Henteu saukur tempat usaha, tapi jadi lambang perjuangan, kreatifitas, jeung kahayang pikeun méré warna anyar dina kahirupan. Pizza Alaambu lain ngan ukur rasa dina létah, tapi rasa dina ati—rasa hasil tina gawé babarengan.

Dina mangsa sariak layung nu endah ieu, cahaya panonpoé nu lalaunan tilelep siga

ngingetkeun urang kana waktu nu geus kaliwat. Tapi dina waktu nu sarua, aya rasa sukur sabab urang masih bisa ngabagi waktu, pacekel leungeun, sarta di poto bareng dina gambar wangunan Pizza Alaambu nu ayeuna geus jadi ikon carita sorangan.

Potrét ieu téh lain saukur gambar. Éta téh catetan waktu—yén cinta teu salawasna ngeunaan hal nu gedé, tapi ngeunaan kasatiaan pikeun tetep aya. Wangunan Pizza Alaambu di tukangeun urang jadi saksi bisu yén cinta, lamun dirawat, bisa jadi karya.

Jeung dina waktu sariqk layung ieu, urang sadar: sanajan waktu terus ngalir, salila urang masih tiasa silih tingali, bareng seuri, hartina carita ieu masih terus ditulis… babarengan.(Ganda Muhtar)

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...