NGAWANGKONG

Admin KIM Rancakalong
NGAWANGKONG

Assalamualaikum Warohmatullahi Wabarokatuh

Sampurasun ka sadayana. Ngabagéakeun medalna KIM MAGAZINE anu munggaran, simkuring ngaraos reueus anu kacida ageungna. Mugia ku ayana KIM MAGAZINE ieu tiasa nambih-nambih pengetahuan kanggo urang sadayana. Dina édisi munggaran ieu, simkuring disuhungkeun ku Rédaktur kanggo ngeusian kolom BUDAYA, seja ngahaturkeun nuhun anu saageung-ageungna ka Rédaktur ku pangangken sareng kapercantenan nana. Namung saur paribasa “sanés mapagahan ngojay ka meri”, saéstuna seratan simkuring mung saukur pamendak nu sakapendak-pendakna dina widang budaya. Sanes kedah dijantenkeun ukuran komo janten rujukan.Dikawitan ku ngucap SAMPURASUN sareng SHEMA PUN NIHAWAH.

Naha aya dua kecap salam Sunda nu ku simkuring disanggakeun?

Shema Pun Nihawah. 

Ieu kecap salam Sunda nu literaturna aya dina naskah parahyang. Anu mana atuh naskah parahyang the? Insyaa Allah kapayun urang pedar.

Shema pun nihawah hartosna "kabagjaan keur aranjeun nu netep dina kasadaran"

Jawabna "pun nihawah"

Bagja didieu lain hartina bahagia, kusabab dina basa Sunda mah hurup "B" larap kana hurup "W", 

Jadi kecap bagja teh tina wagya nu hartina salamet. Saluyu sareng Assalamualaikum wr. wb. 

Ah ieu mah mung saukur wangkongan. da dina Litelatir (Literatur) Basa, asal kecap tina NGAWANGKONG téh nyaéta WANGKONG mangrupa parobahan kecap tina BANGKONG  

lantaran di urang mah aya sababaraha kecap anu purwa aksarana Ba-Bi-Bu sok robah jadi Wa-Wi-Wu, saperti ;

BANGUN jadi WANGUN (Bangunan = Wangunan)

BIRU jadi WIRU (Naga Wiru)

BURUK jadi WURUK (Hayam Wuruk)

Batu = Watu

Belas = Welas

Belas Asih = Welas Asih

Bali = Wali (Sunda)

Balungan = Walungan

Bilangan = Wilangan

Bilah = Wilah

Bidang = Widang

NGABANGKONG jadi NGAWANGKONG

ngobrol disebut NGABANGKONG : NGAWANGKONG kulantaran siga bangkong di sawah mun disada sok patémbalan. Sok aya oge istilah mun obrolan teu anggeus sok disebut NGABUNTUT BANGKONG

mun omongan teu bukti / jangji teu ditemonan sok disindir ku kalimah BONGAN BANGKONG, KA CAI TEU DIMANDIKEUN = Bongan bohong pasini teu dijadikeun.

Ari sampurasun kumaha?

Teu aya literatur Basa Sunda anu jadi rujukan tunggal ngeunaan hartos kecap "Sampurasun" sareng "Rampés", ngan sacara umum aya kapanggih dina carita carita heubeul, saperti dina carita Pantun, Wawacan tur Dongéng Kabayan ngeunaan guna éta dua kecap, ogé dina kabiasaan masarakat utamana di pilemburan anu masih kénéh maké

Kecap 'Sampurasun" jeung 'Rampés" sacara kagunaan mah, sarua baé jeung kecap pasangan "Punten ~ Mangga", nyaéta kalimah uluk salam dina basa Indung (Sunda).

mangka sacara garis badag mah ceuk ahli bahasa anu neuleuman kana jero²na Parama-Sastra tur Widya-Sastra Sunda, kecap "Sampurasun" téh bisa jadi asalna tina kecap "Sih hampura isun" anu saharti jeung kecap "Punten"

ari kecap "Rampés" asal tina kecap "Rampé" anu maké partikel "S" ditungtung mangrupa singketan tina kecap "Sun", anu upama diucapkeun sagemblengna mah jadi "Rampé sun"

ari RAMPÉ meureun urang geus pada nyaho, yén kabaheulaan mah jadi syarat poko satiap jalma luar anu asup ka padalaman sok aya ritual kuduk nyeupah heula, ieu masih lumaku di sababaraha suku adat padalaman, laju aya upacara adat mapag tamu ku diayakeun sarupaning kembang tanda panghurmat, tur sasajén, tah tékték bengék sarupaning seupaheun tur kekembangan ilahar disebut Rampé, nu jadi simbul pangbagéa boh  pikeun ngabagéakeun tamu atawa pangbagéa pikeun Sukma Karuhun anu diangkir datang dina upacara atawa Hajat Bakti.

Sok aya anu nyebatkeun "Sampurasun" saurna tina "Sampurna ning insun" sanaos pami sacara litaratur basa, robihna meni tebih, komo barang ditaros "ari  RAMPÉS ?!" walerna kalah pabeulit, teu tiasa masihan waleran nu jelas.

Tapi teu sawios, sim kuring moal nyawad komo nyempad, mung dina panalungtikan sim kuring mah nalika neuleuman éta kecap SAMPURASUN tur RAMPÉS téh nya tina "SIH HAMPURA ISUN" tur "RAMPÉ SUN"

🙏🙏🙏

Dr. Rony Hidayat Sutisna, S.Sn., M.Pd.

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...