Ngajaga Jati Diri Rancakalong ngaliwatan Kearifan Lokal jeung Budaya Karuhun

Admin KIM Rancakalong
Ngajaga Jati Diri Rancakalong ngaliwatan Kearifan Lokal jeung Budaya Karuhun

Numutkeun, Dr. Dian Sukmara, M.Pd.

Rancakalong lain saukur ngaran hiji wewengkon di Kabupaten Sumedang. Leuwih ti éta, Rancakalong téh mangrupakeun roh, jati diri, jeung tapak sajarah panjang anu diwariskeun ku karuhun ngaliwatan budaya jeung kearifan lokal nu masih hirup nepi ka kiwari. Hal ieu ditegeskeun ku salah sahiji sesepuh Rancakalong, Dr. Dian Sukmara, M.Pd., anu salawasna konsisten nyuarakeun pentingna ngajaga budaya salaku pondasi kahirupan masarakat.

Numutkeun Dr. Dian, kearifan lokal Rancakalong lahir tina hubungan harmonis antara jelema, alam, jeung Gusti Nu Maha Kawasa. Nilai-nilai ieu kacermin dina rupa-rupa tradisi saperti ngalaksa, hajat lembur, rurukan,rengkong,anu teu leupas tina falsafah “silih asah, silih asih, silih asuh”. Tradisi lain ukur tontonan, tapi jadi tuntunan hirup sapopoe.

“Budaya Rancakalong téh lain barang kolot nu kudu ditinggalkeun, tapi harta nu kudu dirumat jeung dimekarkeun,” ceuk Dr. Dian. Anjeunna nandeskeun yén budaya lokal miboga ajén atikan anu jero, sabab ngandung piwuruk ngeunaan tatakrama, gotong royong, jeung rasa hormat ka alam jeung sasama.

Dina paniténanana, ayeuna Rancakalong keur ngalaman fase penting: budaya lokal mimiti dipidangkeun deui dina rohangan balarea, kaasup ngaliwatan desa wisata budaya jeung pagelaran rutin di Geotheater Rancakalong. Ieu jadi bukti yén budaya teu kudu éléh ku jaman, tapi bisa jalan bareng jeung kamajuan, asal henteu kaleungitan rohna.

Dr. Dian ogé ngingetkeun generasi ngora sangkan ulah era kana jati dirina sorangan. Basa Sunda, seni tradisi, jeung adat lembur kudu terus dihirupkeun, boh di sakola, kulawarga, boh dina kahirupan sosial. “Lamun urang leungit budaya, sarua jeung leungit arah,” pokna kalayan nada pinuh kahariwang tapi optimistis.

Ngaliwatan pamadegan sesepuh saperti Dr. Dian Sukmara, Rancakalong jadi cermin yén kearifan lokal lain carita baheula nu eureun di sajarah, tapi napas hirup anu kudu terus dirasakeun ku unggal generasi. Ngajaga budaya hartina ngajaga harkat jeung martabat diri sorangan salaku urang Rancakalong.(Ganda Muhtar)

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...