NALIKA NIAT JADI PASAL

Admin KIM Rancakalong
NALIKA NIAT JADI PASAL

Carita Sunda ngeunaan hiji salaki, pamajikan, jeung hukum nu sok datangna teu di ondang

Di jaman ayeuna, sagalana bisa jadi viral. Ti Es Busa nepika nyieun gorengan tinu sendal capit ,nepi ka niat hadé nu ujug-ujug jadi perkara. Salah sahijina nu keur rame ayeuna: carita salaki nu niatna nulungan pamajikana, tapi tungtungna malah “ngendong” dinu jaruji besi. Ari niatnmah ikhlas, tapi nasib mah pan teu nyaho sok komo apes mah pan euweuh dinu kalender.

Baheula, lamun aya ribut saeutik, batur sakampung turun tangan terus musawarah. Ayeuna?????

Teu kudu loba omong, cukup HP, sinyal, jeung sakedik “konsultasi” langsung ka portal hukum.

Para Jambret ayeuna geus rada ngemplong lantaran lamun diteungeulan di jalan alatan kapergo manehna bisa ngajukeun penganiayaan, kitu pamikirna jambret ayeuna..... 😀😀😀

Hukum Ayeuna: Teu Nempo Niat, Nu Penting Bukti Dina kacamata hukum, niat hadé téh teu salawasna kacatet hade. Nu kacatet mah rekaman, saksi, jeung pasal. Jadi lamun salaki refleks nulungan pamajikanana misalna manehna ngagorowok, nindak, atawa sajabana.....ujug-ujug aya nu ngomong kieu: “Eta mah geus asup ka…........” 🙈(anjeunna nyebutkeun pasal, urang nyebutkeun “alaaaaah tobat gusti nu aguuunggg”).

Di ieu guyonan mimiti karasa: posisi jambret siga anu geus boga “portal hukum”, sedengkeun nu nu nulungan kudu ngaliwatan panto darurat, loba tulisan leutik, jeung antrian panjang.🤣🤣

Terus, Kumaha Nasib pamajikan? Nah, ieu nu sok kaliwat jadi headline teh.🤣 Pamajikan nu tadina butuh ku pitulung, ahirna kudu nguatkeun haté, ngurus laporan, ngurus omongan tatangga, bari nanya ka diri sorangan: “Kuring kudu kumaha?” Di hiji sisi, hayang aman. Di sisi séjén, jadi masalah nyelap: niat nyalametkeun, tapi pasangan jadi kababawa perkara. Awewe mah teu menta jadi viral manehna ukur hayang balik ka imah, dompet teu leungit,terus nyieun lalawuh keur nyadiakeun salaki datang ti pagawean,hirup we anu tengterem.

Urang Sunda mah resep guyon, diantarana:

  • Baheula, nulungan teh jadi pahala ayeunamah jadi masalah.

  • Baheula,ngagalakeun gotong royong. Ayeunamah, screen-shot royong.😂

Catetan Leutik keur Urang Sarerea Hukum penting, kaadilan penting. Tapi akal sehat jeung rasa kamanusaan ulah nepi ka katinggaleun dinu laci. Niat hadé teu kudu sok jadi korban interpretasi. Urang butuh ku aturan nu ngajaga, lain nu ngajempolan pikeun mere rasa aman.

Tungtungna, ieu carita lain rék nuduh ka saha-saha. Ieu eunteung jaman ayeuna : jaman nu sagala gancang viral, jeung niat hadé anu sok datangna panungtungan. Mugia ka hareup, urusan nulungan kasasama jadi hal nu teu kudu mikir pasal heula. GM

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...