Naga Jadi Cacing: Carita Tato Paling Ngakak ti Paniisan

Admin KIM Rancakalong
Naga Jadi Cacing: Carita Tato Paling Ngakak ti Paniisan

Ku redaksi majalah, carita ieu mah kaasup rubrik,sabab tokohna lain sasaha. Manehna taya lian Mang Apud, urang Paniisan Desa Pangadegan, saurang kontén kreator nu kahirupanana pinuh ku ide-ide nyeleneh. Mun jalma séjén mah mikir kontén heula, Mang Apud mah mikir heula… kumaha carana katingali garang 😄

Hiji mangsa, Mang Apud boga cita-cita anyar: hayang ditato gambar naga. Ceuk manehna, “Amun kontén anu leuwih sangar, followér nambah, sponsor daratang.” Teu loba mikir, manehna langsung ngadatangan ka sobatna, Mang Simeut, nu kawentar ahli ngalukis ti mimiti ngagambar témbok pos ronda nepi ka nyieun spanduk hajatan.

Sanggeus datang, teu loba cingogo, Mang Apud langsung wakca, “Mang, kuring hayang ditato gambar naga. Nu garang, nu hiber, nu siga di pilem Cina!” Mang Simeut ukur nyengir, bari ngusap gadona, “Beres, ceuk mang simeut.

Prosés tato dimimitian. Jarum jalan, tinta ngalir, Mang Simeut fokus, sedengkeun Mang Apud… kapeureuman. Meureun lantaran kabawa ku sora jangkrik jeung angin lembur Pangadegan nu ngahiliwir, Mang Apud tibra siga orok dibebenyokeun. Kaayaan éta teu diganggu ku Mang Simeut. Manehna neruskeun gawéna kalayan tenang, siga seniman nu keur nyiptakeun mahakarya.

Teu lila, tato réngsé. Mang Simeut neundeun alat, bari ngageuingkeun Mang Apud, “Apud, hudang. Geus beres.” Mang Apud hudang bari ngucek panon, terus nanya kalawan sumanget, “Kumaha, Mang? Nagana geus jadi?” “Bereeees!” jawab Mang Simeut kalem, pinuh kapercayaan diri.

Teu maké lila, Mang Apud langsung lumpat ka hareupeun kaca. Tapi… Jreng!!! Panonna molotot, beungeutna robah siga ningali harga cabe di pasar anu keur naek. Dina leungeunna, nu aya lain naga ajenen, lain naga hiber… tapi gambar cacing anu keur ngarengkol!

Mang! Ieu mah cacing!” ceuk Mang Apud bari sora naék satengah oktaf. “Urang menta gambar naga, lain cacing kebon!

Mang Simeut teu kagét, teu bingung. Manehna ngajawab kalem bari rada seuri, “Éta mah naga, Pud. Tapi nagana masih orok.”...... “Hah?” “

Bongan tadi kasarean . Nagana nu asli jadi ngaleutikan. Engké ogé gedé sorangan.

Mang Apud ukur bisa cicing, antara rék seuri jeung rék ceurik. Tapi tungtungna mah seuri ogé, sabab bahan kontén geus aya. Ceuk manehna, “Moal salah deui, ieu mah tato évolusi. Ti cacing jadi naga.

Ti dinya, Mang Apud beuki kasohor. Konténna viral, judulna: “Tato Naga Bayi: Karya Mang Simeut Pangadegan”. Hikmahna? Mun rék ditato, ulah saré, jeung mun boga sobat ngaranna Mang Simeut… kudu loba-loba sabar 😆.....(Ganda Muhtar)

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...