Mang Otang ti Cimanglid: Konten Kreator Nu Ngefans Ka Nini Anteh

Admin KIM Rancakalong
Mang Otang ti Cimanglid: Konten Kreator Nu Ngefans Ka Nini Anteh

Edisi Hiburan tamba teu boga udud.....

Di hiji lembur nu hawana tiis jeung pinuh ku guyonan, nya éta lembur Cimanglid, hirup saurang lalaki unik nu kasohor nu ngarana Mang Otang. Manehna lain artis sinetron, lain ogé bintang iklan, tapi hiji konten kreator kampung nu kreatifna teu aya béakna. Video-video na sok ngajadikeun warga seuri bari sakapeung ngahuleng, “Ieu jelema bener-bener boga imajinasi nepi ka langit katujuh.”

Cita-cita Mang Otang henteu biasa. Mun batur hayang jadi lurah, pangusaha, atawa PNS, Mang Otang mah hayang ka bulan rék nepungan Nini Anteh. Cenah, ti leuleutik manehna geus ngefans berat ka dongéng Nini Anteh nu keur ngapung di bulan bari ngelek ucing. “Mun bisa papanggih, manehna rek menta selfie,” pokna bari seuri ngagoler jeung lalangkarakan.

Sagala rupa cara dicobaan ku Mang Otang. Kungsi nyieun “roket” tina dreum urut, knalpot motor, jeung kipas angin. Hasilna? Can nepi ka bulan, malah nepi ka sawah tatangga 😂😂😂. Tapi teu nyerah, euy....... Manehna terus ngadokumentasikeun sagala usaha éta dina média sosial. Ti mimiti latihan “ngapung” make payung, nepi ka ulin tali make bari ngabayangkeun keur di orbit.🙈🙈🙈

Kontén-konténna henteu ngan saukur lucu, tapi ogé ngeusian pesen yén ngimpi mah teu meunang sieun, sanajan kadang katempona mustahil. Warga Cimanglid ayeuna malah ngarojong. Mun Mang Otang keur syuting, barudak jeung kolot sok ngahiji nonton bari ngadukung, “Hayu Mang, ulah poho mun geus nepi ka bulan, kirim salam ka Nini Anteh!”

Mang Otang jadi bukti yén kreativitas bisa lahir ti kampung, tina kesederhanaan, jeung tina rasa resepeun kana dongéng. Sanajan nepi ka ayeuna can aya tiket ka bulan, tapi haté jeung imajinasi Mang Otang geus jauh ngapung, ngaleuwihan mega.

Di satukangeun kalakuan jeung tingkah lucuna, aya hiji palajaran penting: hirup kudu pinuh ku sumanget, imajinasi, jeung kabagjaan. Saha nyaho, hiji mangsa, impian Mang Otang bisa waé jadi inspirasi keur generasi nu leuwih gede deui.

“Mun can ka bulan ayeuna mah teu nanaon,” ceuk Mang Otang bari nyengir, “nu penting kontén mah terus jalan, jeung nini anteh tetep dinu hate.”😂😂 (Ganda Muhtar)

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...