MANG LAHEM,LALAKON AMIS TI GARAWANGI

Admin KIM Rancakalong
MANG LAHEM,LALAKON AMIS TI GARAWANGI

Di Garawangi, hiji lembur anu napel jeung Desa Cibunar, hirup saurang lalaki basajan nu sapopoe dipikawanoh ku panggilan Mang Lahem. Teu aya jas rapih, teu aya dasi, tapi leungeunna geus biasa nyekel bedog, panonna geus apal kanu kasebutna tatangkal kawung. Manehna téh patani gula kawung, profesi kolot nu masih dicekel pageuh ku manehna nepi ka ayeuna.

Unggal poé, Mang Lahem indit ka leuweung. Kadang subuh kénéh, waktu haneut panonpoé can karasa, kadang ogé sore nalika cahya panonpoé geus mimiti reureuh. Sakabeh gumantung kana lahang nu geus ngumpul dina lodong-lodong awi nu digantung dina kawung. Mun geus ninggang kana waktuna, Mang Lahem tara reureuh, moal nungguan di isukan. Jadwal téh geus napel dina haténa.

Aktivitas éta lain sakadar rutinitas, tapi geus jadi lelakon hirup. Unggal léngkahna ka leuweung sarua jeung unggal poé: manteng, taliti, jeung pinuh ku kasabaran. Lahang dicokot, dibawa turun, tuluy diasakan nepi ka jadi gula kawung nu warnana coklat kaemasan, amisna lain ukur dina rasa tapi ogé dina carita perjuangan.

Mang Lahem mah teu wawuh jeung kecap “cape” atawa “leuleus”. Dina kamus hirupna, nu aya téh ngan konsistén. Hujan, panas, taneuh baseuh atawa leueur, eta kabeh teu jadi alesan. Manehna ngarasa yakin, lamun poé ieu teu ngalakukeun, mangka isukan moal aya nu bisa dipiharep.

Di balik kesederhanaan hirupna, aya palajaran gedé: ngeunaan ketekunan, kasatiaan kana pagawean, jeung rasa sukur kana alam nu geus mere kahirupan. Mang Lahem lain tokoh gedé dina koran nasional, tapi dina majalah kahirupan masarakat Cibunar, manehna téh salah sahiji judul utama lambang lalaki anu hirupna sederhana, tapi perjuanganna luar biasa.(Ganda Muhtar)

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...