Mang Asuy jeung Motor Gunungna: Antara Sparepart Mahal jeung Paralon Kandang Hayam

Admin KIM Rancakalong
Mang Asuy jeung Motor Gunungna: Antara Sparepart Mahal jeung Paralon Kandang Hayam

Di hiji lembur di selawi, aya hiji tokoh legendaris nu sok jadi bahan carita bari ngopi soré: Mang Asuy. Jalma ieu mah lamun geus nyebutkeun hobi, teu jauh-jauh ti nu ngaranna ngamodif motor gunung. Pokona motor kudu katingali gagah, sanajan nu numpakna kadang leuwih gagah .

Dina hiji mangsa, Mang Asuy boga niat hayang masang saringan hawa motor anu mahal, cenah mah “biar tarikanna leuwih napel, Mang.” Tanpa loba mikir, duit dikaluarkeun, sparepart dibeuli, bungkusna kénéh katingali kinclong siga motor anyar turun ti dealer.

Tapi nasib nyebutkeun séjén. Sanggeus dibongkar jeung dicoba, eh… teu bisa dipaké. Ukuran teu cocog, posisi salah, motor malah batuk-batuk siga nu kaserang flu. Mang Asuy ngan ukur gugutrut kanu sirah bari kukulutus, 🤣🤣

Teu éléh ku kaayaan, Mang Asuy mimiti mikir cara alternatif. Panonna ngalieuk ka tukangeun imah, nempo paralon urut. “Ah, ieu ogé bisa,” ceuk haténa. Tapi caritana teu eureun di dinya. Pikeun ngalengkepan modifikasi, manehna malah nyokot saluran paralon ti kandang hayam.

Bari hayamna ngagorowok protes, Mang Asuy serius nyieun saringan versi lokal. Hasilna? Motor bisa hurung, sora rada béda, jeung bau-na rada campur antara bensin jeung aroma kandang hayam. Tapi Mang Asuy mah bangga, “Nu penting jalan, da ieu mah modif kreatif, lain imitasi.”

Motor gunung Mang Asuy ayeuna jadi ikon anyar: sparepart mahal teu kapaké, paralon urut jadi solusi. Carita ieu jadi pangéling-ngéling yén di Rancakalong, kreativitas sok leuwih unggul tibatan katalog toko.

Jeung Mang Asuy? Manehna tetep percaya diri, sabab keur manehna, modifikasi téh lain soal mahalna barang, tapi sabaraha jauh akal bisa jalan… sanajan kudu liwat kandang hayam heula.GM

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...