Kopi Hideung jeung Anggaran Kapangkas Curhat Leuleus dina Rapat Minggon Kecamatan Rancakalong

Admin KIM Rancakalong
Kopi Hideung jeung Anggaran Kapangkas  Curhat Leuleus dina Rapat Minggon Kecamatan Rancakalong

Rapat minggon di Aula Kecamatan Rancakalong biasana lempeng-lempeng waé. Tapi mun geus aya Kades Sukamaju, suasanana sok robah rada haneut… lain ku debat, tapi ku kopi hideung ☕.🤣🤣

Kades Sukamaju mah geus kawentar. Saméméh rapat dimimitian, panonna geus ngider-ngider, lain néangan map atawa dokumén, tapi néangan kopi hideung. Ceuk anjeunna, “Mun can nginum kopi mah sirah karasa muter, teu kuat mikiran anggaran.”

Bari nyekel cangkir kopi, rapat mimiti asup kana topik paling “ngeunah” pikeun dipikiran: anggaran. Sakitu dijelaskeun program ieu-éta, tapi tungtungna sok aya kecap nu sarua waé muncul: “kapangkas deui, kapangkas deui.”

Kades Sukamaju ngan bisa ngagerentes bari ngaregot kopi, “Anggaran mah siga buuk, diteukteuk saeutik-saeutik, lila-lila mah tinggal beulah tengah,” pokna bari seuri tapi haté mah karasa nyelekit.

Sagala hal ayeuna kudu nurut kana aturan. Teu sakahayang, teu sagampang jaman baheula. Salah saeutik, aya aturan. Kurang saeutik, aya aturan deui. Nepi ka Kades Sukamaju sok ngahuleng, mikirkeun kumaha carana nyusun program bari anggaran ipis tapi tuntutan tetep kandel.

Untungna, suasana rapat tetep kondusif. Guyonan jadi obat mujarab pikeun ngaleungitkeun pusing. Kopi hideung jadi saksi, yén sanajan anggaran kapangkas ku rupa-rupa aturan, sumanget pikeun ngurus masyarakat mah teu kungsi kapangkas.

Rapat minggon gé réngsé kalawan seuri. Kopi geus béak, pusing rada susut, tapi hiji hal nu pasti: salila masih aya kopi hideung jeung kebersamaan, Kades Sukamaju jeung jajaran di Kecamatan Rancakalong bakal terus mikirkeun solusi sanajan kudu mikir bari ngopi deui.(Ganda Muhtar)

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...