“Bebeb vs Hujan: Operator Aktif, Kerjaan Pending, Kopi Tetap Running!”
Di hiji pojok kantor kecamatan, aya hiji tokoh legendaris anu teu kungsi leungit tina kursina: si Bebeb, operator layanan operasional anu leuwih akrab jeung kursi tibatan jeung jalan ka luar kantor.
Hujan? Ulah ditanya. Ti mimiti isuk nepi ka sore, hujan siga nu boga kontrak eksklusif jeung langit. Sora “tik-tik-tik” tina hateup kantor geus jadi musik latar kahirupan Bebeb. Malah mun hujan eureun sakedapan, manehna rada bingung, “Ieu mah rusak serverna ku hujan jigana”gerentesna 🤣
Di satukangeun mejana, Bebeb diuk kalem, dibaturan komputer anu kadang leuwih loba “loading” tibatan “working”. Leungeuna lincah... lain keur ngetik wungkul, tapi ogé lincah ngadeketan gelas kopi nu teu kungsi kosong. Lamun kopi geus béak, sumanget oge rada “maintenance”.
Saban aya warga nu datang, Bebeb sok nyengir heula, tuluy nanya kalem: “Keperyogian naon, Pak/Bu? Sabar nya... sistemna keur hujan ieuteh, rada lelet.”
Padahal mah, nu hujan di luar, nu lelet mah di jero teuing jaringan, teuing mood.
Kadang-kadang, lamun hujan tambah gede, Bebeb sok nyarande saeutik ka korsi bari ngomong sorangan: “Alhamdulillah, cuaca ngarojong produktivitas… produktif diuk maksudna.”
Babaturana geus apal, lamun Bebeb geus nyebut “ngecek data”, hartina aya dua kemungkinan:
Ngecek beneran
Ngecek bari nyumputkeun tunduh
Nu leuwih lucu deui, lamun listrik sakedapan pareum, Bebeb langsung panik siga nu leungit sinyal cinta: “Waduh, ieu mah bahaya… data bisa leungit… padahal can sempet disimpen… can sempet dikerjakeun oge sih…”
Sanajan kitu, Bebeb tetep jadi andalan. Sabab dina sagala kaayaan—hujan, panas, atawa tanggal kolot—manehna tetep satia di tukangeun meja. Sanajan kadang leuwih loba mikir tibatan ngetik, tapi ayana manehna teh jadi warna sorangan di kantor kecamatan.
Jadi lamun hiji poe manehna datang ka kantor kecamatan bari hujan ngagebrét, terus ningali sosok anu kalem di balik meja jeung kopi di gigirna—ulah ragu, éta pasti Bebeb. Operator rasa filsuf, kerja santai tapi pasti… pasti aya. Cag heula ah 🤣 (GM)