Bandrek Geboy: Sakali Ngaregot, Langsung “Geboy” Haneutna!

Admin KIM Rancakalong
Bandrek Geboy: Sakali Ngaregot, Langsung “Geboy” Haneutna!

Lamun seug apal Legok Picung RT 17 RW 04, Desa Pamekaran, Kecamatan Rancakalong, hawa tiis sok datang bari teu permisi. Tapi tenang… warga teu panik, sabab aya hiji jurus pamungkas pikeun ngalawan tiis: Bandrek Geboy! Sakali ngaregot, awak langsung haneut, haté jadi bungah, komo deui lamun ngopi bari ngobrol jeung tatangga, bisa poho kana cicilan bank emok. 😄

Di balik rasa nikmat éta bandrek, aya sosok tangguh tur pinuh sumanget: Ibu Suryani, pangelola UMKM Bandrek Geboy. Bahan bakuna basajan tapi istimewa: jahe pilihan jeung gula aren asli. Teu aya campuran anu anéh-aneh, nu aya mah rasa jujur jeung niat hadé. Ceuk warga, ieu bandrek téh lain ngan nganeutkeun awak hungkul, tapi ogé bisa “ngageboykeun” sumanget hirup.

Prosés nyieunna ogé pinuh carita. Jahe dipekprek,nepi ka ngaluarkeun seungitna, siga nu keur dipapatahan sangkan ikhlas méré rasa panghadéna. Gula aren dibebek lalaunan, nepi ka cair kawas haté anu leuleus lamun inget gajian. Nalika duanana paamprok dina panci panas, seungitna langsung sumebar, nyurung nyurung irung tatangga supaya kaluar ti imah bari pura-pura ngan ukur “ngaliwat”. 😄

Ibu Suryani teu ukur pinter ngolah rasa, tapi ogé pinter ngolah suasana. Unggal nu meuli sok disambut ku seuri jeung guyonan. Aya nu datang keur ngahaneutkeun awak, aya ogé nu datang keur ngahanetkeun haté… sabab bandrekna nikmat, obrolanana rame, jeung suasanana karasa akrab siga kulawarga sorangan.

Bandrek Geboy ayeuna jadi ikon leutik di Legok Picung. Ti barudak nepi ka kolot, kabeh geus apal kana rasana nu khas. Malah aya nu ngaku, sanggeus nginum Bandrek Geboy, leumpang ka imah jadi leuwih sumanget, sanajan jalanna nanjak jeung poék. Cenah mah, “lain capé, tapi keur nguji daya tahan bandrekna.” 😂

Di tengah gempuran inuman modern, Bandrek Geboy tetep ajeg ngajaga rasa tradisi. Jahe jeung gula aren asli teu ngan saukur bahan, tapi jadi simbol kearifan lokal jeung kahirupan basajan nu pinuh rasa syukur. UMKM leutik ieu ngabuktikeun yén tina dapur sederhana di Dusun Legok Picung, bisa lahir rasa luar biasa nu ngahaneutkeun loba jalma.

Jadi lamun anjeun ngaliwat ka Desa Pamekaran, ulah poho mampir. Sakali nyobaan Bandrek Geboy, dijamin awak haneut, sungut seuri, jeung haté hayang nambah deui. Tapi émut, ulah kaleuleuwihi… bisi teu bisa sare, lain kusabab kopi, tapi kusabab kabagjaan kaleuleuwihi. 😄☕GM

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...