Antara Pagawean jeung Kabutuhan: Carita Pagawé Kecamatan Rancakalong Nu Pinuh Ku Seuri

Admin KIM Rancakalong
Antara Pagawean jeung Kabutuhan: Carita Pagawé Kecamatan Rancakalong Nu Pinuh Ku Seuri

Isuk-isuk di Kecamatan Rancakalong sok dimimitian ku sora motor nu daratang, salam silih sapa, jeung seungit kopi nu ngagolak di pojok kantor. Para pagawé kecamatan datang bari mawa sumanget, sanajan dina jero haté sok aya dua hal nu terus muter dina pikiran: pagawean jeung kabutuhan hirup.

Di hareupeun méja kantor, aya map numpuk, surat kudu diréngsékeun, data kudu dirapihkeun, jeung warga nu datang perelu palayanan. Leungeun digerakkeun gancang, uteuk mikir tarik, tapi haté sok nyelapkeun pikiran séjén, “Engké mulang, béas di imah masih aya teu, nya?” Atawa, “Motor kudu diservis, tapi dompét siga nu keur puasa.”

Sok aya waé banyolan leutik di antara babaturan sa kantor. Aya nu ceuk babaturanana, “Gajih mah teu nambahan, tapi beban pagawean nambahan.” Nu séjén ngajawab bari seuri, “Moal nanaon, nu penting mah nambahan pahala.” Kantor gé jadi teu saukur tempat gawé, tapi jadi tempat silaturahmi jeung silih sumanget.

Sanajan katingalina basajan, pagawé kecamatan miboga tanggung jawab gedé. Maranéhna jadi payuneun palayanan masarakat, ngatur administrasi, mantuan kapentingan warga, jeung ngajaga roda pamaréntahan sangkan tetep lancar. Antara ngurus surat jeung ngaladénan warga, maranéhna ogé diajar sabar, someah, jeung ikhlas.

Hirup minangka pagawé kecamatan téh lain ukur soal gajih, tapi ogé pangabdian. Aya rasa reueus lamun warga puas ku palayanan, sanajan sakapeung cape jeung waktu istirahat karasa pondok. Tapi ku ayana silih pikanyaah jeung guyonan leutik sapopoe, beban pagawean karasa leuwih hampang.

Antara mikir pagawean jeung kabutuhan, para pagawé Kecamatan Rancakalong tetep ngajaga sumanget jeung rasa sukur. Sabab dina unggal léngkah gawé, aya harepan pikeun ngawangun palayanan nu leuwih hadé, bari tetep ngajaga tawa sangkan hirup teu karasa teuing beurat.(Ganda Muhtar)

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...