Usum Hujan di Rancakalong: Antara Dompét, Gawé, jeung Awas Bencana
Mun usum halodo mah urang mikir panas jeung haus, ari geus asup usum hujan di Rancakalong, pikiran pagawé kecamatan langsung nambah jadi tilu: dompét, pagawean, jeung kaayaan alam. Isuk-isuk can gé nepi ka kantor, uteuk geus rame sorangan, siga rapat internal tanpa susuguh. 😄
Nu kahiji dipikirkeun biasana mah dompét. Pas rék indit, dibuka heula: “Heeh… ieu dompét teh leuwih loba struk batan duit.” Hayang ngopi di jalan, tapi inget hujan gede, ahirna ngopi mah ngan ukur dina bayangan. Jas hujan gé sok leuwih baseuh di jero tibatan di luar, da bocor saeutik, siga nu ngajarkeun hirup kudu narima kaayaan.
Nu kadua, tangtu waé pagawean. Di kantor geus nungguan map-map nu numpuk, laporan kudu diréngsékeun, jeung warga nu perelu palayanan. Bari nyalin data, haté sok nyelap, “Mudah-mudahan listrik teu pareum, da hujan kieu mah sok sok.” Lamun pareum, komputer reureuh, pagawé gé milu reureuh… tapi pikiran mah teu bisa dipareuman.
Nu katilu, nu teu éléh penting, nya éta mikir bencana alam. Hujan terus-terusan sok matak hariwang: kumaha kaayaan jalan, saluran cai, sawah warga, nepi ka ancaman longsor. Sanés saukur jadi pagawé kantor, tapi ogé kudu siap jadi pelayan masarakat dina kaayaan darurat. Bari ngopi haneut, obrolan sok robah jadi, “Kumaha di lembur A? Aman teu? Cai geus naék can?”
Sanajan kitu, pagawé Kecamatan Rancakalong mah pinter ngolah kaayaan jadi seuri. Aya nu ceuk babaturan, “Mun hujan mah teu meunang sedih, da langit gé keur cuci-cuci.” Nu séjén ngawalon, “Nya urang gé sakalian wé ngabersihan pikiran, sanajan dompét can kabersihan.” 😂
Hirup di usum hujan memang loba tantangan, tapi ku rasa kebersamaan, guyonan leutik, jeung niat ngalayanan masarakat, sagalana karasa leuwih hampang. Antara mikir isi dompét, tanggung jawab pagawean, jeung waspada kana bencana, pagawé kecamatan tetep ngaléngkah kalayan sumanget. Sabab dina unggal rintik hujan, aya harepan pikeun kahirupan nu leuwih subur jeung hadé. (Ganda Muhtar)