Mang Otang,manekin jeung Curuk Nu Salah Alamat

Admin KIM Rancakalong
Mang Otang,manekin jeung Curuk Nu Salah Alamat

Carita  guyon urang rancakalong

Di Kampung Cimanglid, Désa Pasirbiru, aya hiji lalaki anu kasohor lain ku jabatana, lain ku hartana, tapi ku kontén sketbor nu sok ngajadikeun warga sakampung seuri tur gogodeg. Ngarana Mang Otang. Manehna ngabogaan motor anu dipimeumeut malah geus kawas pamajikan anu  kadua diusap, dipuji, dijaga, malah sok diajak curhat mun pas dipake.

Hiji mangsa, Mang Otang boga kaperluan ka kota. Lain rék patepang jeung  pejabat, lain rék seminar digital, tapi ngan saukur ngabenerkeun jam tangan nu geus lila eureun siga haté nu teu dibales. Motor diparkir rapih di trotoar, Mang Otang leumpang bari gaya urang kota dada rada di tegakeun, léngkah rada pede.

Di hareupeun hiji toko, manehna ningali saurang lalaki nangtung cicing, rapih, teu obah-obah. Mang Otang, nu haténa ramah kawas gula kawung, langsung nanya, “Punten, Akang, tukang service jam tangan di dieu teu?”

Teu aya jawaban. “Akang????”

Cicing kénéh. “Euleuh, sigana keur loba pikiran,” ceuk Mang Otang bari nyengir.

Sabot dideukeutan… bray! Tétéla éta téh manekin. Mang Otang nyerengeh, tuluy ngagerentes, “Heuh, pantes wé teu ngajawab. Tétéla jalma di kota mah geus jaradi plastik......Manehna terus galéngkah bari ngarérét ka tukang, “Ternyata jalma kota mah pada sarombong… teu kawas di kampung,” pokna bari kukulutus.........

Sanggeus urusan réngsé, Mang Otang mulang. Teu lila di kota,pas di jalan, Hujan gede pisan, angin ngagelebug nyecep kanu tulang. Mang Otang buru-buru néangan tempat keur ngiuhan. Pas nempo aya hiji saung di sisi sawah. Alhamdulillah, itu gening aya saung kabeneran ceuk manehna bari muru saung.

Di saung téh geus aya saurang wanoja. Duanana pada manggut ningalikeun sopan santun urang Sunda. Lila-lila, hawa beuki tiis. Hujan siga nu moal eureun saméméh Mang Otang jadi es lilin,Kalawan sora leuleus tapi rada gugup, Mang Otang nyarita, “Néng… punten,Tiasa teu aa nitipkeun Curuk dinu bujal enéng? Ieu panangan aa meni tiis pisan.”

Si wanoja seuri, pipina rada beureum ku tiis atawa ku kagét teu jelas. “mangga, a. Da enéng ogé sami tiris,” pokna bari seuri leutik.

Mang Otang ngadeukeutan… naha jol ujug ujug eta wanoja, “AAAAAAAAA!...,....  ETA MAH LAIN BUJAL NYAHOOOO!” ceuk si wanoja bari ngambek saeutik, panonna rada molotot.

Mang Otang kaget, langsung ngajawab sapadaharita, “punten , Néng… ieu ogé da lain curuk ceuk mang otang.”🤣🤣🤣🤣

Jreeeng… Di saung jadi jempling lir gaang katincak. Hujan tetep ngagebret. Angin ngagelebug. Sawah jadi saksi nyata. Manekin di kota sigana nyerengeh seuri, sanajan jarakna jauh pisan.

Carita Mang Otang jadi bukti, yén di mana waé di kota atawa di kampung salah paham téh sok aya, komo lamun niatna nganeutan tapi alamatna salah. Jadi hiji palajaran sederhana: saméméh nitip curuk, pastikeun heula eta curuk, jeung pastikeun ogé eta bujalna.🤣🤣🤣🤣

Di ahir carita, Mang Otang ukur nyengir, “Euleuh… hirup téh kadang siga hujan: niat néangan pangiuhan, malah meunang pangalaman.”

Ahirna saung éta, carita éta, jadi kontén anyar  keur Mang Otang anu pasti, viral di kampung, sanajan teu aya manekin nu dibéré salam bari teu nembalan. 😄 GM

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...