Mang Otang, Domba Jalu, jeung Sujud Paling Lila Sajagat Rancakalong

Admin KIM Rancakalong
Mang Otang, Domba Jalu, jeung Sujud Paling Lila Sajagat Rancakalong

Guyona urang Rancakalong

Mun keur nyarita soal kontén kreator sketbor, di lembur Rancakalong mah moal jauh-jauh ti ngaran Mang Otang. Jalma na basajan, kréatif, jeung sok boga akal anu kadang teu ka pikiran ku jalma séjén. Hiji poe, Mang Otang boga niat anu geus gilig: rék meuli domba jalu. Cenah keur kontén, padahal mah sakalian ngimpi boga ingon ingon siga nu baleunghar kitu.🤣🤣🤣

Mang Otang indit bari leumpang santai, di tengah kampung ngaliwat ka imah Haji Oding, jalma nu kasohor ku dua hal: kaya raya jeung rada pelit, ditambah deui hobi pamer anu kadang matak pikasebeleun.

“Eh Tang! Rék ka mana?” ceuk Haji Oding bari ngalungkeun seuri nu rada nyinyir.

“Ré́k néangan domba jalu, Pa Haji,” walon Mang Otang kalem.

“Néangan naon? Rék meuli?” tanya Haji Oding, panona geus siga nu teu percaya.

“muhun, Pa Haji, rék meser,” ceuk Mang Otang yakin.

“Heeeh… siga boga duit wae didinya mah,” ceuk Haji Oding bari seuri leutik. “Domba kuring mah mahal, Tang. Hiji tujuh juta. Nu paling murahna gé.”

Mang Otang henteu éléh, bari seuri saeutik. “Mun dua juta kumaha, Pa Haji?”

“Haaaah? Dua juta?” ceuk Haji Oding rada ngeledek. “Atuh sakitu mah moal meunang, Tang. Éta we sakitu mah tuh kanu beraknakeun lumayan keur tani!”

Teu lila ti dinya, sora adzan lohor kadenge. Obrolan eureun, duanana tuluy ka masjid.

“sok Tang, maneh baé jadi imam,” ceuk Haji Oding.

Mang Otang unggeuk. Dina haténa ngagerentes aya niat nu teu biasa, bari seuri saeutik siga nu boga rencana rahasia.

Rakaat kahiji lancar. Kadua lancar. Katilu ogé teu aya masalah. Nepi ka sujud pamungkas, Mang Otang… lila pisan.

Di tukangeun, Haji Oding mimiti ngarasa teu genah. Encokna kumat, beuheungna karasa kaku.

“Tang… naha lila pisan ieu sujud teh?” ceuk Haji Oding bari noel suku Mang Otang.

Mang Otang ngalieuk saeutik bari masih sujud. “Sajuta kumaha, Pa Haji? Dombana dibikeun teu?”

“Kaleuwihan maneh mah! Moal, Tang!” walon Haji Oding rada emosi.

Mang Otang balik deui sujud… beuki lila.

Encok Haji Oding beuki karasa. Tungtungna noel deui. “Tang… ieu beuheung geus teu kuat!”

Mang Otang ngalieuk deui, masih kénéh anger bari posisi sujud. “kumaha ayeuna? Sajuta dibikeun teu, Pa Haji?”

Haji Oding ahirna éléh ku encok sorangan. “Heueuh lah, heueuh! Dibikeun! Tibatan beuheung jadi masalah!”

“Siiippp,” ceuk Mang Otang.

“Allahuakbar…” sholat ditutup ku salam.

Sanggeus beres, Mang Otang nyampeurkeun Haji Oding. “Hatur nuhun nya, Pa Haji.”

Ti saku calana, Mang Otang ngaluarkeun duit… sajuta, tuluy dibikeun bari seuri bangun nu bungah.

Haji Oding ngan bisa cicing, seribu basa, bari mikir: ieu jalma leuwih pinter tibatan kalkulator.bari ceuleumeut mata simeuteun.

Catetan Redaksi: Carita ieu ngan saukur fiksi jeung humor, henteu dimaksudkeun pikeun nyindir pribadi atawa golongan mana waé. Guyonan kampung pikeun hiburan jeung pangéling yén akal téh kadang leuwih mahal tibatan harta. GM

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...