Mang Leke, Tukang Cukur Bakandago Nu Caritana Sok Ngabobodo
Di hiji lembur bakandago, aya saurang tukang cukur anu geus teu bireuk deui ku masarakat. Ngaranna Mang Leke. Sanajan tempat cukurna basajan, ukur korsi hiji, kaca rada burem, jeung kipas angin nu muter siga nu keur mikir hutang, tapi soal kapiawaian… Mang Leke mah ulah diragukeun deui. Cukuranna geus bisa disebut kelas kecamatan.
Palanggan Mang Leke rupa-rupa. Ti mimiti barudak sakola nu rék asup ka sakola, bapak-bapak nu rék ka kondangan, nepi ka ibu-ibu ogé aya, nu sok ngomong, “Ulah pondok-pondok teuing nya Mang, nu penting rapih jeung awét.”
Anu ngajadikeun Mang Leke béda jeung tukang cukur séjén téh lain ukur leungeunna nu cekatan, tapi caritana. Bari nyukur, sungutna teu eureun-eureun nyarita. Ti carita politik lembur, harga cabe, nepi ka gosip tatangga nu can jelas sumberna. Pokokna, palanggan mah sok betah, teu karasa dicukur, nu karasa mah dicaritakeun.
Hiji mangsa, datang saurang palanggan langganan ngaranna Mang Taye. Manehna datang kalayan beungeut rada capé, siga jalma kakurangan sare.
“rek dicukur, ye?” ceuk Mang Leke bari nyiapkeun sisir. “enya,” jawab Mang Taye pondok.
“Oké, mangga calik.”
Teu lila sanggeus diuk di korsi legendaris éta, Mang Taye langsung sare pules. Sirahna ngagoler saeutik, sungutna rada muka, siga jalma keur nikmati dunya séjén.
Mang Leke teu kagét. Manéhna terus waé nyukur bari nyarita siga biasana.
“Jaman ayeuna mah hésé, Ye… harga sagalana naék, nu turun mah ukur semangat…” Teu aya jawaban. Mang Leke nanya, “Ieuh Ye, ieu buukna rek dikumahakeun?” “pondokeun we…” ceuk Mang Taye bari satengah sare.
“Oke siap,” ceuk Mang Leke percaya diri.
Mesin cukur jalan deui. Buuk muruluk siga daun ragrag. Mang Leke terus carita deui, panjang lebar, nepi ka bulu punduk palanggan ogé kababawa.
Sabada sababaraha menit, Mang Leke nanya deui, “Ieu dikumahakeun deui, Ye?” “Pondokeun deui…” jawab Mang Taye.
Mang Leke eureun sakeudeung, tuluy seuri leutik. “Pondokeun kumaha deui atuh Ye, ieu mah geus gundul yeeee,” ceuk manéhna bari rada bingung.
Ngadéngé kitu, Mang Taye langsung hudang. Manehna ningali kanu kaca, neuteup kana sirah sorangan… jeung kagetna teu kira-kira.
“Eh Mang Leke! Maksud uing mah pondokeun caritana, lain buukna!” ceuk Mang Taye bari sora naék sa oktaf. “Teu hayang nyaho, ayeuna mah buuk uing tapelkeun deui!” pokna bari rada ambek.
Mang Leke ngan bisa cicing. Mesin cukur eureun. Leungeunna ngagantung, beungeutna bingung antara rék seuri atawa rék menta hampura.
Di tungtungna, Mang Leke ngan ukur ngomong pondok, “Hampura Ye… kurang komunikasi.”
Ti dinya, masarakat lembur jadi apal, lamun dicukur di Mang Leke mah ulah nepi ka sare. Soalnya, salah saeutik komunikasi, nu dipondokkeun bisa jadi lain nu dimaksud 😆✂️.🤣🤣