Mang Iwong Ngalalana ka Ibukota
Carpon komedi
Penulis : Ganda Muhtar
Di lembur leutik ngaranna Pasirlaja, aya hiji jelema nu kasohor ku kamampuhna ngoprek mesin jeung nyetir truk sagede imah panggung. Ngaranna Mang Iwong. Awakna leutik tapi parigel mun ceuk legegnamah si gesit irit, kumisna ipis jeung bisa diitung ku ramo siga sapu nyajajar, jeung lamun seuri sok siga knalpot treuk bocor ngageleger.😂😂
Sapopoe Mang Iwong mah jadi montir bengkel sakaligus sopir truk pasir. Jalan nu biasa diliwatan? Jalan kampung, nu lamun aya hayam ngaliwat, hayamna nu kudu menta ijin ka Mang Iwong.
“Ah, kudu nyobaan ka kota atuh, sugan rejeki leuwih leuwih gede,” ceuk manehna bari ngepak koper eusi baju dua pasang jeung sandal capit hiji.
Ti Jalan Leuweung ka Jalan Layang
Sanggeus nepi ka ibukota (manena nyebutna: “kota nu gedongna siga tangkal beusi”), Mang Iwong langsung kagét. Jalan raya lega, mobil sagala rupa, klakson tumpang tindih siga orkes dangdut keur hajatan.
Poé kahiji nyetir mobil perusahaan, haténa mimiti deg-degan.
“Ya Allah… ieu mah lain jalan, tapi lautan bemper,” ceuk manehna bari nyekel setir pageuh.
Biasana di lembur lamun macet mah sabab aya domba reureuh di tengah jalan. Di dieu? Macetna siga teu aya tungtungna. Mobil maju sa-méter, eureun deui.
Mang Iwong ngagerentes, “Lamun kuring jadi Superman mah, geus ngapung we ngaliwatan flyover. Teu kudu macet, tinggal hiberrr… swooosh!”
Manehna neuteup ka luhur, nempo gedong jangkung. “Ieu lamun di Pasirlaja mah paling dijadikeun kandang japati.”
Kajadian “Ngobrol jeung Hansip Kota”
Nu leuwih pikaseurieun, hiji peuting Mang Iwong dieureunkeun ku polisi sabab aya razia.
“Selamat malam, Pak. Mohon SIM dan STNK-nya,” ceuk polisi kalem.
Mang Iwong turun tina mobil bari nyengir, sora jeung gayana siga ngobrol jeung hansip lembur.
“Eh, Pak… sami sareng Pa Ujang hansip di Pasirlaja nya? Ronda keneh?” ceuk manehna polos.
Polisi rada heran. “Pak, ini razia. Tolong surat-suratnya.”
Mang Iwong langsung muka dompet. Tapi pas dibuka… beungeutna robah warna siga tembok acan dipulas.
Nu aya dina dompet téh lain SIM jeung STNK. Tapi:
Surat wasiat kebon warisan ti aki-na.
Surat tagihan ti bank emok nu cicilan can lunas.
“Ya ampun… ieu mah surat kebon jeung bank emok!” ceuk manehna dina haté bari kesang jibreg.
Polisi mimiti rada galak, “Pak, mana surat kendaraannya?”
Mang Iwong ngadadak nyekelan beuteung, beungeutna diraut siga nu keur nahan gempa internal.
“Aduh Pak… abdi nyeri patuangan. WC di mana nya? Darurat pisan ieu mah…” ceuk manehna bari muringis dramatis.
Polisi ngagerentes, “Ah, alasan saja kamu!”
Mang Iwong teu éléh, “Daripada abdi buang hajat di dieu kumaha, Pak? Engke viral meureun…”pokna
Polisi langsung mikir. “Ya sudah, itu di sana WC-nya.”
Jurus Kalamian
Mang Iwong leumpang ka WC bari seuri leutik. Asup ka dinya… tapi teu lila kaluar. Sabalikna, manehna nyumput di satukangeun rungkun gigireun WC.
Polisi nu nungguan mimiti bingung.
“Ini orang sudah tiga jam belum keluar. Emang dia ngeluarin rotan apa gimana sih?” ceuk polisi bari ngagerem.
Sanggeus nungguan lila teuing, polisi ahirna nyerah jeung mutuskeun indit.
Teu lila, Mang Iwong kaluar ti balik semak bari nyalakatak seuri sorangan.
“Ahirna eleh oge! Untung uing boga jurus kalamian. Di lembur mah ieu jurus dipake lamun teu hayang mayar iuran ronda,” ceuk manehna ngarasa reueus.😂😂😂
Antara Lugu jeung Lincah
Sanajan loba kajadian lucu jeung rada ngerakeun, Mang Iwong teu pundung. Manehna tetep sumanget neangan pagawean, ngandelkeun kaahlian jadi montir jeung sopir truk.
Di satukangeun kapolosana, aya tekad nu kuat. Manehna sadar, ibukota lain Pasirlaja. Di dieu teu cukup ngan bisa nyetir di jalan kampung, tapi kudu siap mental, siap surat-surat, jeung siap jurus darurat.
Mang Iwong ayeuna geus mimiti biasa jeung macet. Sanajan sakapeung masih sok ngalamun jadi Superman, minimal ayeuna manehna geus teu salah deui mawa surat kebon ka razia.
Carita Mang Iwong ngajarkeun hiji hal: Sagala tempat boga carita, tapi lamun dibawa ku seuri, ibukota nu macet oge bisa jadi panggung komedi.
Jeung ceuk Mang Iwong sorangan: “Nu penting mah lain sabaraha lila macetna, tapi kumaha carana urang salamet bari teu kaleungitan rasa humor.” 😄