Mang Apud, jeung Rasa “Haseum” Nu Teu Bisa Poho
Di hiji soré nu kacida tenangna, Mang Apud konten kreator nu sok pinuh ide liar katempo keur diuk dina batu gedé bari nyawang ka hareup. Di gigirna aya Mang Simeut, sobat satia nu sok jadi batur ngobrol sakaligus batur seuri. Obrolanana beurat, serius, nepi ka rarayna siga keur ngabahas nasib bangsa, padahal mah ngan ukur ngabedah ide kontén nu can tangtu jadi.
Saking pogotna ngobrol, Mang Apud teu sadar leungeunna ngopepang ka handapeun batu. Teu disangka, ramo-ramona ngarampa hiji barang nu karasana empuk… rada haneut… jeung rada baseuh. “Ieu naon, nya?” pokna dina jero hate. Pas dipaliré, beuh… tai ucing!
Bakatku mang Apud ngarasa geuleuh satengah paéh. Leungeunna langsung dikipratkeun ka gigir bari ngagerentes, “Ih, kaswbelanteh!” ......Tapi ku sabab panik, leungeun éta malah keuna kana batu. Duk! Nyeri na teu kira-kira. Refleks, tanpa mikir panjang, leungeun nu nyeri téh langsung diasupkeun kana sungut.
Sakedapan ti harita, Mang Apud ngabetem. Panona na ngagedéan. Karasa dina létahna aya nu anéh. “Meutt…!” ceuk Mang Apud bari neuteup Mang Simeut. “haseum kieu rasana…!”
Mang Simeut nu ti tadi can nyaho nanaon langsung seuri ngabarakatak. “Naoonn hasem? ...Hasem naon, Pud?” pokna bari seuri ngabarakatak, sungutna calangap.
Mang Apud kesel teu kapalang. Tanpa loba omong, leungeun nu tadi nu aya kénéh nyimpen “sajarah”.....langsung disumpelkeun ka sungut Mang Simeut. “HEH! Eeeuh!” Mang Simeut kaget bari eureun seuri. Sababaraha detik tuluy… beungeutna robah.
“Oh… jadi kieu rasana,” ceuk Mang Simeut bari muringkak. Duanana silih tempo, terus… seuri babarengan, seuri pait nu moal poho saumur umur.
Ahir carita, dua sobat éta mulang bari sarua jempé teu lemek teu nyarek,
obrolan serius mah alus, tapi kudu ati-ati mun diuk dina batu—saha nyaho aya “ranjau darat” 🤣🤣🤣🤣!!!!!!!!. (Ganda Muhtar)