Kang Meno: Mikiran Nagara Ti Luhur Korsi

Admin KIM Rancakalong
Kang Meno: Mikiran Nagara Ti Luhur Korsi

Penulis : Ganda Muhtar

Carita pondok versi majalah, kahirupan di pilemburan.

Di hiji peuting nu rada tiris di lembur Cijere, aya hiji tokoh nu geus kawentar ku gaya “mikir bari diuk” — nya éta Kang Meno. Jalma Cijere tulen, kulit rada hideung kakeunaan panonpoé sawah, tapi lamun urusan mikir… wah, bisa ngéléhkeun dosen nu keur sidang skripsi.

Kang Meno keur diuk dina korsi kai hareupeun imahna. Korsi na mah geus rada ngagelebug, mun didiukan sok “kriiit… kriiit…”, siga nu protes menta pensiun.

“Eh korsi, sabar atuh… urang mah can meunang jabatan, jadi can bisa meuli nu anyar,” ceuk Kang Meno bari nepuk korsi.

Sanajan awakna santai, pikiran Kang Meno mah teu bisa eureun. Nu dipikirkeun lain harga cabe hungkul, tapi nepi ka urusan ekonomi, kapercayaan, jeung kaayaan pamaréntahan nu cenah ayeuna loba nu matak lieur.

“Jaman ayeuna mah, nu lieur lain tukang ubar hungkul… rakyat leutik gé geus mimiti muter sirah,” gerentesna bari nguyup kopi hideung.

Ti jero imah, pamajikanana nyeluk, “Pa Menooo… ti tadi nempo langit wae, keur ngitung béntang atawa ngitung hutang?”

Kang Meno seuri. “Ngitung harepan, mahhh… sanajan nu datang sok tagihan.”

Nurutkeun Kang Meno, sabenerna kahayang masyarakat leutik mah teu muluk-muluk. Teu kudu langsung jalan beton nepi ka ngagurilap siga pipi artis sinétron.

“Rakyat mah basajan atuh,” ceuk manehna bari ngagulungkeun sarung. “Nu penting mah didatangan ku pamaréntah, minimal ku pamaréntah desa. Diajak ngobrol… ulah pas kampanye hungkul datangna.”

Manéhna neruskeunn bari rada semangat: “Coba we… datang, diuk bareng, ngopi pait, dahar goréng pisang. Tanya: ‘Kumaha kabarna, naon nu dipikabutuh?’ Nah… kitu ge rakyat mah geus ngarasa dianggap.”

Tatanggana, Mang Ujang, nu ti tadi ngadengekeun, nyelutuk: “Lain saukur nanya hungkul, Kang. Kadang mah geus didata, difoto, diukur… eh nu datang bantuan téh ukur kalender.”

Kang Meno langsung ngakak nepi ka korsi anu didiukana disada “kriiit!” “Nah eta… rakyat mah teu butuh kalender loba-loba. Mun kaburu loba, tembok imah bisa siga toko fotokopi!”

Ceuk Kang Meno deui, konci nu dipikahayang ku masyarakat leutik téh aya tilu: komunikasi, transparansi, jeung — ceuk basa lembur — ngayomi (ngarti jeung ngarasakeun kaayaan rakyat).

“Komunikasi téh ulah sakali sataun siga komét,” pokna. “Transparansi ulah ngan kaca kantor nu bening… laporan ogé kudu jelas.” “Ari ngatomi mah… pamaréntah kudu bisa ngarasakeun, lain ukur ningali ti balik meja.”

Mang Ujang unggeuk-unggeuk. “Mun kitu mah, Kang, nagara bisa leuwih hadé nya?”

Kang Meno nyruput kopi panungtung, tuluy nyengir. “InsyaAllah hadé… asal ulah urang hungkul nu mikir. Nu boga kawenangan gé kudu sarua hudangna.”

Peuting beuki jempling. Kang Meno masih kénéh diuk dina korsi legendarisna — korsi nu saksi sabaraha loba pikiran rakyat leutik nu ngalayang ti lembur leutik nepi ka urusan nagara.

Saacan asup ka imah, manéhna ngomong ngagerendeng: “Rakyat mah teu menta muluk-muluk… asal didenge, diajak ngobrol, jeung programna bener-bener turun. Leutik katingalina, tapi gedé rasana.”

Korsi kai anu didiukana ngaluarkeun sora deui: “kriiit…”

Siga nu satuju. 😄

Bagikan artikel ini:

Komentar (0)

* Masukkan nama dan email jika Anda belum login.

Memuat komentar...