BANYU JATIGEDE
Aya mangsa nu teu kungsi dipénta datangna, tapi kudu ditarima kalayan dada nu lega. Jatigede, nu baheulana mangrupa lembur matuh, banjar karang pamidangan, kiwari ngan kari carita. Lembur nu kungsi hirup ku sora budak ulin, ku haseup dapur nu ngelun isuk-isuk, ayeuna kalindih ku cai nu ngagenclang tapi nyimpen kapeurih anu jero.
Di dinya kungsi aya keakraban. Kumpul jeung kulawarga di buruan imah, ngopi bari ngadéngékeun carita kolot, seuri bareng jeung babaturan nepi ka poé mimiti poék. Haliwuna sora tatangga unggal isuk, silih tempas bari ngahariring kahirupan basajan tapi pinuh ku rasa. Ayeuna kabeh sirna, kabawa ku lajuna waktu jeung ngemplangna cai nu teu kungsi sare.
Imah-imah nu baheula ngajajar rapih, ayeuna ngan kari gundukna nu katingali samar di jero cai. Tembok nu kungsi jadi saksi kahirupan kulawarga, ayeuna lir carita nu kasimpen dina ingetan wungkul. Unggal nyeblokna cai siga nu ngahudangkeun deui ingetan, tapi sakaligus ngingetkeun yén jaman geus robah.
Sanajan Jatigede kiwari tinggal carita, tapi carita éta lain pikeun dipikiran ku kasedih wungkul. Dina unggal carita nu kaliwat, aya harepan pikeun mangsa nu bakal datang. Jatigede jadi simbol pangorbanan, jadi tapak sajarah nu bakal ngawangun Sumedang ka hareup. Ti lembur nu tilelep, lahir cita-cita anyar pikeun kamajuan daerah, pikeun kahirupan nu leuwih hade keur generasi saterusna.
Jatigede moal kungsi leungit tina sajarah. Manéhna hirup dina ingetan, dina carita nu diturunkeun, sarta dina harepan yén tina carita, urang bisa ngawangun mangsa anu bakal datang. Lembur nu baheula, ayeuna jadi pangeling-eling yén unggal kamajuan boga carita, boga rasa, jeung boga harga nu teu kaniley. GM