“Aki Motor Jeung Aki Kepercayaan: Filosofi Mang Meno”
Di hiji lembur nu ngaranna Desa Nagarawangi, aya hiji tokoh nu geus kawentar ti baheula: Mang Meno. Lain kawentar ku gaya perlente siga pejabat kota, lain ku mobil mewah nu parkir di hareupeun imah, tapi kawentar ku oli nempel dina leungeun jeung baju bengkel nu sok bau solar. Pokona mah lamun aya nu nyebut “tokoh masyarakat”, nu kahayang ku warga téh lain nu jasna kinclong, tapi nu bajuna rada hideung ku oli—nya éta Mang Meno!
Sapoé, warga kumpul di warung kopi. Aya nu nyeruput kopi hideung, aya nu nyoco bala-bala, aya ogé nu ngan ukur ngadéngékeun bari nyengir.
“Eh, kumaha lamun Mang Meno urang dorong jadi calon kepala desa?” ceuk Ujang bari nyorong gelas.
Mang Meno nu keur ngaganti oli motor, langsung ngeureunkeun pagawean, nyeka leungeunna ku lap nu warnana geus teu bisa dibédakeun antara beureum jeung hideung.
“Hah? Aing mah tukang bengkel, lain tukang janji!” ceuk Mang Meno bari seuri.
“Éta pisan nu dipikabutuh, Mang,” ceuk warga séjén. “Nu lain tukang janji, tapi tukang ngabukti.”
Ti dinya, isu nyalonkeun Mang Meno sumebar ka sakuliah lembur. Aya nu satuju, aya nu ragu, aya ogé nu ngan ukur nyebut, “Ah, masa tukang bengkel jadi kepala desa?”
Tapi Mang Meno mah teu robah. Manehna tetep kénéh di bengkel, tetep nyarita sederhana.
“Abdi mah teu boga duit loba, teu boga baliho gede, teu boga tim sukses nu sarua jeung artis… tapi abdi boga niat. Mun dipercaya, abdi rék ngawula. Mun teu dipercaya, abdi balik deui ka bengkel… paling beda mah ayeuna jadi kepala desa, engké jadi kepala montir deui,” ceuk manehna bari disambut seuri warga.
Desa Nagarawangi téh unik. Aya nu kelas luhur, nu imahna siga villa. Aya nu kelas menengah, nu cicilan motor can lunas tapi geus mikiran nambah cicilan deui. Aya ogé nu kelas handap, nu penting bisa dahar sapoé tilu kali, sanajan laukna kadang ngan sambel jeung uyah.
Ku sabab éta, persepsi warga rupa-rupa. Aya nu mikir, “Kepala desa kudu nu pinter ngomong Inggris.” Aya ogé nu mikir, “Nu penting mah pinter ngurus jalan becek!”
Mang Meno ngadéngé kabéh éta, tapi manehna mah santai.
“Abdi mah teu bisa basa Inggris, paling ogé ‘yes no yes no’, tapi abdi bisa ngadéngékeun warga. Sabab nu penting mah lain gaya, tapi rasa percaya,” ceuk anjeunna.
Mang Meno ogé sok ngomong ngeunaan transparansi.
“Mun aya duit desa, ulah siga duit lebaran nu leungit teu jelas. Kudu écés! Sabab kepercayaan téh ibarat aki motor—mun soak, teu bisa di-starter deui,” ceuk anjeunna bari nyengir.
Warga nu ngadéngé langsung seuri, tapi ogé ngangguk-ngangguk.
Nu matak, sanajan Mang Meno teu boga gaya perlente, teu boga pidato panjang lebar, tapi manehna boga hiji hal nu mahal pisan: kajujuran jeung kesederhanaan.
Jeung di ahir obrolan di warung kopi, aya nu nyeletuk:
“Lamun Mang Meno jadi kepala desa, meureun balai desa bakal bau oli saeutik…”
Nu séjén langsung nimpal:
“Teu nanaon, nu penting mah teu bau korupsi!”
Sakedapan, warung kopi jadi rame ku seuri. Tapi di balik éta seuri, aya harepan: yén desa bakal maju lain ku gaya, tapi ku karya… jeung ku hiji lalaki sederhana nu ngaranna Mang Meno.cag ahhh (GM)